Maaaa!



Maaaa.....!
24 April 2013 pukul 22:01
KINANTI JEMPLANG TITI :
0leh : Yayat Suyatna

Malum anu jadi indung,
eukeur anak ngan sahiji,
pokna bari cumalimba,
semu ngangres melas-melis,
ibu, mana ari bapa,
ujang mah hayang papanggih.

Jawab abdi aduh enung,
emas mirah buah ati,
ujang mah teu boga bapa,
walonna, piraku deui,
cau gé aya nu melak,
kitu deui diri abdi.

baeu hidep anak ibu,
meugeus ulah kitu deui,
ku ibu téh ditiupan,
geura gedé jeung pinanggih,
mun geus mukti ulah téga,
da ibu teu aya deui.

Nu bakal ngabantu-bantu,
ngurus tina lara pati,
peupeuriheun rama ujang,
ka ibu geus nyanyenyeri,
miceun kawas kana kembang,
diambung saméméh butin.

Dipiceun geus buruk layu,
ujang mah engké di ahir,
lamun enggeus manggih bagja,
ulah arék nganyenyeri,
bisi asa wawalesna,
awal ahir sok kapanggih.
(Sekar Asri, 1969)
Previous
Next Post »
Thanks for your comment